| KKb 7 Abdi Ngajungjungkeun Pikir | |
| KKb 6 | KKb 8 | |
1. Abdi ngajungjungkeun pikir, ka Gusti, nun Pangeran Nu teu keuna owah gingsir, teu aya nu nandingan Ka Gusti Anu Agung, Abdi bade tetep ngandel Tangtos hamo kaduhung, kasesah abdi ditanggel 2. Anu ka Gusti harepna, tinangtu moal era Ku Gusti moal diantep, saleresna diraksa Nu arera tea mah, sakur anu padacidra, Nu ngalawan ka Allah, najan teu aya sababna 3. Mugi abdi dipaparin, terang di jalan Gusti Sangkan abdi wuwuh rajin, milampah kersa Gusti Mugi abdi wurukan, kana jalan kayaktosan, Margi Gusti Pangeran, Allahing kasalametan 4. Ka Pangeran tetep bae, panon abdi ngawaskeun, Suku abdi tina rawe, mugi dikaluarkeun, Mugi nuyun ka abdi, mugi aya sih kurnia, Wireh abdi keur aya, di salebeting kasesah 1. Hamba mengangkat pikir kepada Tuhan Yang tak kena berubah, tak ada yang menandingi Kepada Tuhang Yang Agung, hamba akan tetap percaya Tentu tak akan menyesal, kesusahan hamba ditanggung 2. Yang kepada TUhan pengharapannya, pasti tak akan malu Oleh Tuhan tak akan dibiarkan, sesungguhnya dijaga Yang pada malu itu setiap yang pada tidak menepati janjinya Yang melawan kepada Allah, meskipun tak ada alasannya 3. Semoga hamba diberi tahu di jalan TUhan Agar hamba bertambah rajin mengerjakan kehendakMu Semoga hamba ajari kepada jalan kebenaran Sebab Engkau Allahnya keselamatan 4. Kepada Tuhan tetap saja mata hamba memandang Kaki hamba dari pada jerat semoga dikeluarkan Semoga menuntun kepada hamba, semoga ada kasih karunia Sebab hamba sedang berada di dalam kesusahan |
| Referensi Aransemen : |
|
| KKb 6 | KKb 8 | |