| KKb 54 Sim Abdi Ngaturkeun Puji | |
| KKb 53 | KKb 55 | |
1. Sim abdi ngaturkeun puji, sembah nuhun kamulyan. Abdi kenging kabagjaan, tina asihing Gusti. Reff : Mugia dituyun, paparin kawantun Tumut ka panyaur Ama, lampah sing wijaksana. 2. Sim abdi nyanggakeun hormat, Ama tetep ngamanah. Najan abdi sering mengpar, ingkar tina timbalan. 3. Percaya ka Gusti Yesus, hirupna dianyarkeun. Peta heubeul teh dipiceun, kanyaah nu ngawengku. 4. Pangiring Gusti Yesus teh, sanes sakadar soleh. Nanging jadi saksi nyata, badega ka sasama. 5. Hayu urang pada tandang, maraju makalangan. Pibuateun upluk aplak, nunggu nu ngagarapna. 1. Hamba menghaturkan puji, sembah, terima kasih, kemuliaan Hamba beroleh kebahagiaan dari pada kasih Tuhan Semoga hamba dituntun, berilah keberanian Taat kepada panggilan Bapa, perbuatan bijaksanalah 2. Hamba menghaturkan hormat, Bapa tetap berkenan Sekalipun hamba sering melenceng, ingkar dari pada sabdaMu 3. Percaya kepada Tuhan Yesus, hidupnya diperbaharui Kelakuan lama itu dibuang, kasih yang mengikat 4. Pengiring Tuhan Yesus itu, bukan sekedar shaleh Namun menjadi saksi nyata, hamba kepada sesama 5. Mari kita pada tampil, pada maju ke arena Bakal tuaian sangat luas, menunggu yang menggarapnya |
| Referensi Aransemen : |
|
| KKb 53 | KKb 55 | |