Kidung
KKb 228 Nun Allah Abdi Hatur Nuhun
Ya Allah, Aku Bersyukur
do = G 4/4 MM 0
Jml bait: 0
KKb 227KKb 229


1.
Nun, Allah, abdi hatur nuhun, ka Gusti memeh abdi dug
Tarima ku Gusti dituyun, diraksa pisan ti isuk
Geus surup sri pertanggapati, siang kaganti ku wengi
Nanging Gusti Cahya sajati, moal nilarkeun ka abdi
2.
Panangan Gusti nu kawasa, maparin sakur nu perlu
Abdi percaya jeung ngarasa, Gusti miasih saestu
Nyekapan sandang sareng pangan, maparin karahayuan
Sakur balahi dihalangan, nu datang wungkul nu sae
3.
Abdi sakitu diberkahan, nya lantaran sih kurnia
Reh abdi seueur kalepatan, Gusti nu langkung uninga
Nanging Gusti kersa ngalebur, dosa abdi ratus-ratus
Jeung hate abdi dililipur, krana getih Gusti Yesus
4.
Reh abdi hayang sasarean, nitipkeun diri sakujur
Ka Anjeun Nun, Gusti Pangeran, neda dipanjangkeun umur
Mugi ngaraksa ka baraya, balahi mugi tebihkeun
Sareng paparin ka sadaya, hate percaya ka Gusti

1.
Ya Allah, aku bersyukur, sebelum berbaring tidur
Bersyukur Tuhan tlah menuntun, dilindungi sejak pagi
Telah tiba pergantian waktu, siang digantikan malam
Namun Tuhan Cahaya sejati, tak kan meninggalkan aku
2.
Tangan Tuhan Yang Mahakuasa, membari apa yang perlu
Aku percaya dan merasa, Tuhan sangat mengasihi
Mencukupi sandang dan pangan, memberi kebahagiaan
Setiap petaka dihalangi, yang datang hanya yang baik
3.
Aku sangatlah diberkati, hanya karena karunia
Aku tlah banyak kesalahan, Tuhan lebih mengetahui
Namun Tuhan sudi melebur, dosaku yang amat banyak
Hatiku dibri ketenangan, karena darah Tuhan Yesus
4.
Aku ingin segera berbaring, serahkan diri seutuhnya
Kepada-Mu, ya Tuhan Yesus, mohon dibri umur panjang
Semoga lindungi saudara, petaka agar jauhkan
Dan brilah mereka semua, percaya kepada Tuhan

Referensi Aransemen :
KKb 227KKb 229