| KKb 228 Nun Allah Abdi Hatur Nuhun | |
| KKb 227 | KKb 229 | |
1. Nun, Allah, abdi hatur nuhun, ka Gusti memeh abdi dug Tarima ku Gusti dituyun, diraksa pisan ti isuk Geus surup sri pertanggapati, siang kaganti ku wengi Nanging Gusti Cahya sajati, moal nilarkeun ka abdi 2. Panangan Gusti nu kawasa, maparin sakur nu perlu Abdi percaya jeung ngarasa, Gusti miasih saestu Nyekapan sandang sareng pangan, maparin karahayuan Sakur balahi dihalangan, nu datang wungkul nu sae 3. Abdi sakitu diberkahan, nya lantaran sih kurnia Reh abdi seueur kalepatan, Gusti nu langkung uninga Nanging Gusti kersa ngalebur, dosa abdi ratus-ratus Jeung hate abdi dililipur, krana getih Gusti Yesus 4. Reh abdi hayang sasarean, nitipkeun diri sakujur Ka Anjeun Nun, Gusti Pangeran, neda dipanjangkeun umur Mugi ngaraksa ka baraya, balahi mugi tebihkeun Sareng paparin ka sadaya, hate percaya ka Gusti 1. Ya Allah, aku bersyukur, sebelum berbaring tidur Bersyukur Tuhan tlah menuntun, dilindungi sejak pagi Telah tiba pergantian waktu, siang digantikan malam Namun Tuhan Cahaya sejati, tak kan meninggalkan aku 2. Tangan Tuhan Yang Mahakuasa, membari apa yang perlu Aku percaya dan merasa, Tuhan sangat mengasihi Mencukupi sandang dan pangan, memberi kebahagiaan Setiap petaka dihalangi, yang datang hanya yang baik 3. Aku sangatlah diberkati, hanya karena karunia Aku tlah banyak kesalahan, Tuhan lebih mengetahui Namun Tuhan sudi melebur, dosaku yang amat banyak Hatiku dibri ketenangan, karena darah Tuhan Yesus 4. Aku ingin segera berbaring, serahkan diri seutuhnya Kepada-Mu, ya Tuhan Yesus, mohon dibri umur panjang Semoga lindungi saudara, petaka agar jauhkan Dan brilah mereka semua, percaya kepada Tuhan |
| Referensi Aransemen : |
|
| KKb 227 | KKb 229 | |