Kidung
KKb 22 Allah Langkung Kawasa
Allah Yang Mahakuasa
do = G 4/4 MM 0
Jml bait: 0
KKb 21KKb 23


1.
Allah nu langkung kawasa, nu lingguh di jro sawarga
Kalangkung asih ka abdi, ngaraksa siang jeung wengi
2.
Manuk nu di awang-awang, teu boga banda jeung uang
Najan kitu Allah kersa, maparin sandang pangan
3.
Sing percaya ka Pangeran, pangraksana matak heran
Moal kalarung Maneh teh, mana sing tetep nya hate
4.
Allah kalintang asihNa, dongkap ka masihkeunn Putra
Geus komo barang dunya mah, dipaparin ku Pangeran
5.
Anjeun mugi diberkahan, ti sawarga ku Pangeran,
Sangkan kabeh lalampahan, matak mulya ka AnjeunNa

1.
Allah Yang Mahakuasa, yang bersemayan di Surga
Sangat mengasihiku, melindungi siang malam
2.
Burung di agkasa raya, tak punya harta dan uang
Namun begitu Allah sudi, memberikan makanannya
3.
Percayalah pada Tuhan, perlindunganNya yang ajaib
Engkau tak akan terlewat, tetaplah hatimu mantap
4.
Allah sangat mengasihi, hingga karuniakan Putra
Sudah tentu harta dunia, dianugerahkan Tuhan
5.
Smoga anda diberkati, dari surga oleh Tuhan
Agar segenap kelakuan, hanya memuliakan Tuhan

Referensi Aransemen :
KKb 21KKb 23