| KKb 102 Cara Uncal Hayang Banget | |
| KKb 101 | KKb 103 | |
1. Cara uncal hayang banget, nginum ka cai walungan, Abdi oge hayang sanget, ka Gusti Nun, Pangeran, Nyawa abdi nu susah, halabhabeun ka Allah, Ira abdi diwidian marek kana kasucian 2. Naha wet gulinggasahan, rumahuh jeung ngaheruk Ulah kitu lalampahan, ulah tonggoy ngaderuk, masing harep ka Allah nu maparin berekah Pek marek ka pameunteuNa, muji deui ka Mantenna 3. Keur pisah ti nu kagungan, hate abdi ngaheruk Dilebak di pagunungan, abdi wani sumegruk, Jungkrang nyeluk ka jungkrang, lambak Anjeun nyarorang Abdi sieun katiwasan, mun teu enggal diwelasan 4. Engke Allah ngalungsurkeun, sih kurnia ka abdi, Seug abdi teh ngahaturkeun, puji siang jeung wengi Ana leungit kamelang, nembe abdi teh senang Kasien musna tinangtu nyata Allah teh teu bendu 1. Bagai rusa merindukan, minum air yang jernih Aku juga ingin sekali, kepadaMu ya, Tuhan Diriku sedang susah, rindu kepada Allah Kapan aku diijinkan, masuk pada kekudusan 2. Mengapakah kau gelisah, mengeluh dan mengaduh Jangan begitu berkelakuan, jangan terus mengeluh Berharaplah pada Allah, yang akan memberi berkat Datanglah ke hadiratNya, pujilah Allah, Tuhan 3. Saat ku jauh dari Tuhan, hati amat berduka Di lembah di pegunungan, aku amat gelisah Jurang demi jurang, telah aku jelang Aku ngeri maut menimpa, kalau tidak Tuhan tolong 4. Nanti Tuhan karuniakan, kasihNya pada saya Segera aku menghaturkan, pujian siang dan malam Bila gelisah hilang, baru hatiku senang Ketakutan pasti musnah, nyata Allah tidak marah |
| Referensi Aransemen : |
|
| KKb 101 | KKb 103 | |